" Manuk Jeung Monyet "
Karya : Ryan Renaldi
Aya sato kalaparan hayang cau
lapar nahan beuteung peurih
lapar nahan beuteung peurih
eta sato, sato manuk
neang dahar henteu manggih
papanggih jeung sato monyet
Hiji poe sato monyet dahar cau
manuk nyampeur menta hiji
monyet henteu mere cau
manuk balik hate sedih
kusabab monyet teu mere
Beurang poe monyet nempo manuk ngapung
monyet boga watek julid
manuk ditenggor ku batu
manuk murag tur lastari
monyet nyangka moal paeh